Aya nu apal keneh teu nya, kana kakawihan barudak baheula? sigana mah moal da ari kakawihan nu kalarieu mah geus teu di parake deui ku barudak ayeuna mah, asa mangleubarkeun weh kami mah dan ari kabudayaan sunda teh geuningan sakitu aheng na, cag urang emut-emut deui kakawihanana, bral urang di alajar deui barudak...
Ambil-ambilan
    + Ambil ambilan turugtug hayam samantu
    - Saha nu diambil kami mah teu boga incu
    - boga gé anak pahatu
    + Pahatu-pahatu gé daék
    + purah nutu purah ngéjo
    + purah ngasakan baligo
    - Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
    + Aya ubarna kulit munding campur dagé
    + tiguling nyocolan dagé
Jaleuleuja
    Jaleuleuja
    Atulak tu ja éman
    gog
    Seureuh leuweung
    bay
    Jambé kolot
    bug
    Ucing katinggang songsong
    ngék
Dongdang mayang
Pamikul adeg-adeg Bujang lanjang ti kidul sing araced
Truk truk brung
Truk truk brung Truk tru brak Buntut lutung panjang rubak Dikenyang-kenyang barudak Barudak 
salawé widak Nyèd eng – nyed eng Nyed nyed eng Nyed- nyed eng
IV.
Ningningnang-ningnang Dot em dot blem Dalem sumping dor bajidor Tutunjuk kembang malati 
Laole ole obong …………………………………………. (hilap deui)
Adu riri silih pinyong ( ?) Inyong-inyong mas muria Adu gandék raja belang
V.
Néngnang néng prak Térélék embé janggotan Pa kuwu kariaan Laukna lauk bilatung Kéjona kéjo 
gandrung Trangtrung bedog buntung Trungtrang bedog rompang Hét hét embé janggotan Kélék 
monyét héhéotan Badubanglpak dug blem
VI.
Pacublek-cublek uang Uangnya manggulenténg Butata – butiti Padati wara – wiri Tangsi nona 
Tangsi tuan Ka teluk bungbung Pok érah Pok érah Si Sidin mau kawin Potong kerbau péndék 
Potong kerbau tinggi Tingginya jemblang – jemblung Ta eem Ta eem Ta em – ta em – ta em
VII.
Sakentrung – sakentrung Paré hawara di huma Ditutuna lisung kai (pondok ?) Trung dung trung 
dung éng Trung dung trung dung éng
VIII.
Sakentrung taligung Pécik pécang Tété tulak Tété wondo Dalem surak raja sono Kalisanga 
domblé Kacang diraraweuy Tembus kénéh Dodol sana Dodol sini Cir kuciplek Doli doéng
IX.
+ Endeuk-eundeukan lagoni - Meunang peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku 
aki + Leupas deui ku ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku 
ninina ninina ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas 
deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui ku akina 
akina akina akina akina akina akina akina aki-aki …….. 
X.
Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét kohkol Jéjérétéan
XI.
Ehon bérod Ehon bérod Ehon bérod Roda sapi buntung Tunggir hayam bikang Kangkung sisi gawir 
Wira dagang oncom Comél ka nu gélo Lodong kosong ngentrung Trung trung trung kohkol alarm
XII
Santri maan dodol Doléwak nincak waduk Duka waduk saha Haneut kénéh pisan (balik deui kana 
santri maan dodol ………… Kitu jeung kitu waé bulak balik)
XIII
Bubulaoan Si semar maling gunting Guntingna kabulaoan Ta eem te eem Sidakep bari balem
XIV
    Ojok – ojok uang aung
    Ngarorojok nu disaung
    Ojok-ojok undar andur
    Ngarojok nu keur tandur
    Ojok-ojok umbet-ambét
    Ngarojok nu ngarambét
    Ojok-ojok uat-aut
    Ngarojok nu dibuat
    Ojok – ojok ata utu
    Ngarorojok nu keur nutu
    Ojok-ojok unggang anggéng
    Ngarojok nu keur nonggéng
    Ojok-ojok ucad aced
    Ngorojok nu aced-acedan
XV
    Oray-orayan
    Oray naon
    Oray bungka
    Bungka naon
    Bungkalaut
    Laut naon
    Laut dipa
    Dipa naon
    Dipandeuri ………..
XVI.
    + Oray-orayan luar léor mapay sawah
    - Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
    + Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi
    - Saha anu mandi – anu mandina pandeuri
XVII.
    Bubur beureum
    Sabrang wétan
    Kurawed angked
    Blep
XVIII.
    Si roji meuli paku
    Ku babah teu dibéré
    Pokna mata sia
    Dai nippon nu kawasa
XIX.
Cingcangkeling manuk cingkleung // Cindeten // Blos ka kolong bapa satar buleneng
Ayang-ayang Gung
    Ayang-ayang gung
    Gung goongna ramé
    Ménak Ki Mas Tanu
    Nu jadi wadana
    Naha manéh kitu
    Tukang olo-olo
    Loba anu giruk
    Ruket jeung Kumpeni
    Niat jadi pangkat
    Katon kagoréngan
    Ngantos Kangjeng Dalem
    Lempa lempi lempong
    Ngadu pipi jeung nu ompong
    Jalan ka Batawi ngemplong
XXI.
    Disurung ungkug-ungkugan
    Diséréd jéjérétéan
    Bulu irung digelungan
    Bulu kélék dilélépét
Bang kalima lima gobang
    Bang kalima lima gobang (bang)
    Bangkong di tengah sawah (wah)
    Wahéy tukang bajigur (gur)
    Guru sakola désa (sa)
    Saban poé ngajar (jar)
    Jarum paranti ngaput (put)
    Putri nu gareulis (lis)
    Lisung kadua halu (lu)
    Luhur kapal udara (ra)
    Ragrag di Jakarta (ta)
    Taun tujuh hiji (ji)
    Haji rék ka Mekkah (kah)
    Kahar tujuh rébu (bu)
    Buah meunang ngala (la)
    Lauk meunang nyobék (bék)
    Béker meunang muter (ter)
    Terus ka Cikampék (pék)
    Pékna dagang kalam (lam)
    Lampu eujeung damar (mar)
    Mari kuéh hoho (ho)
    Hotél panglédangan (ngan)
    Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
    Lempa lempi lempong
    Ngadu pipi jeung nu ompong
XXIII
Kalongking // Kalongking // Bapa sia // Utah ngising // Cecewok dina pependil
XXIV
    Sasalimpetan
    Jajahan aing nu panjang
Sursér-sursér
    Sursér sursér
    Amis cau
    Amis kembang
    Hileud sita
    Tarungambang
    Yéy iyéy
    Tai manukan
    Yéy iyéy
    Tai manukan
XXVI
    Prang pring, prang pring
    salumprang salampring
    Sabulu bulu gading
    si gading ka Sunda perang
    pur kuntul engkang-engkang
    munding ngabongkar kandang
    salewek sadugel cindel
    heug, heug caringin runtuh
    heug, heug caringin runtuh
    dorokdok gubrag
    +pung puyuh/
    angèl angèl pèrah jambè/
    torolong hayam kakolong
    suku si jaèni
    nilep sabeulah.............(upami teu lepat mah kitu)
Cang ucang anggé
    Cang ucang anggé
    Mulung muncang ka paranjé
    Digogog ku anjing gedé
    Anjing gedé nu Pa Lebé
    Ari gog gog cungunguuuung
Héhéotan
    Héh héh héhéotan
    Bulu kélék jambréosan
    Nini-nini dagang ketan
    Teu payu dicarékan
Selasa, 17 Februari 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
 

 
 Postingan
Postingan
 
 
wah sae pisan kang abdi diajar deui kakawihan sunda. hatur nuhun
BalasHapusaduh hatur nuhun kang ngabantosan ka abdi. tugas murangkalih ti sakola.. hahaha
BalasHapus